Sajak Sunda " Tutuwuhan "

                    " Tutuwuhan"
      Karya : Rahmat M.Sas Karana
             sumber : pixabay/Hans
Tutuwuhan ngawarah kuring
Nitah sabar
Ka pelak anu dipelak
Teu bisa nannyakeun
Iraha bakal buahan

Tutuwuhan ngawarah kuring
Nitah surti
Akar nu ngaleyep nyiar kahakanan
Teu kadenge rumahuhna
Tangkal nu lungse butuh cihujan
Teu kadenge jumeritna
Daun alum kapanasan
Henteu kadenge inghakna

Tutuwuha  ngawarah kuring
Nitah nyaho mulang tarima
Ka lemah tempatna matuh
Muragkeun dangdaunan
Pikeun kasuburan
Ka manusa nu melakna
Mere bubuahan
Geusan nyambung kahirupan

Dikutip dari buku kumpulan sajak Surat Panjang ti Cijulang. 

Komentar